Cingciripit - SekolahDasar.Online

Senin, 18 Agustus 2025

Cingciripit

permainan tradisional cingciripit

Baralik sakola Deni, Tanu, Hari, jeung Neng Uni karumpul di imah Féri, Barudak téh limaanana natangga jeung sosobatan. Sosobatanana téh ti kelas hiji kénéh. Malah di sakolana ogé sakelompok. Ka ditu ka dieu layeut tara papisah. Mémang sosobatan maranéhna téh raket pisan.

Déni : Fér, urang ulin cingciripit, yu!

Féri : Hayu! Témbal Héri haget.

Déni : Nu, Fér, Ni, arék moal?

Tanu : Enya, hayu! Ceuk Tanu bari cengkat.

Néng Uni : Di mana tempatna?

Féri : Urang di dieu wé dina téras imah.

Hari : Ké heula, kumaha carana Fér?

Féri : Babari atuh. Salasaurang namprakkeun dampal leungeun. Nu séjénna nunjukkeun curuk kana luhur dampal leungeun.

Hari : Tuluy kumaha?

Féri : Engké bari ngawih pagancang-gancang metot curukna. Anu telat metot sarta kacekel jadi ucing. Kudu tuluy jadi nu namprakkeun dampal leungeun.

Hari : Enya kaharti ari kitu mah. Hayu atuh!

Tuluy Féri namprakkeun dampal leungeun. Barudak séjénna: Déni, Tanu, Hari, jeung Néng Uni ngantelkeun curuk kana dampal leungeun Féri. Bari namprakkeun dampal leungeun, Féri ngawih kieu.

Cingciripit tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu paré
bulu paré seuseukutna
jol pa dalang
mawa wayang jrék-jrék nong....

Lebah ngucapkeun “jrék-jrék nong” barudak pagancang-gancang metot curukna. Anu telat metot téh Héri. Atuh curukna kakeupeul ku Féri.

Féri : “Hari ucing. Ceuk Féri bari ngaleupaskeun keupeulanana”

Hari : “Enya, ayeuna giliran Héri nu namprakkeun dampal leungeun”.

Geus kitu mah, barudak téh lalumpatan, diudah ku Hari. Maranéhna arulin nepi ka kadéngé sora adan Asar. Atuh baruiak ka imahna sewang-séwangan. Rék marandi jeung solat Asar. Féri ogé tuluy asup ka imahna.

Sumber: Buku Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas V

Comments

2 comments

mohon sopan dan dewasa
EmoticonEmoticon